Minggu, September 30, 2007

Tafakur Diri


Cep Anton Firtana 'Abah'

Sakapeung simkuring ngahuleng kulantaran kajadian anu nimpa diri, diri nu lamokot ku dosa, teu bisa pisan di kirata. mh... ieu teh ningan alam dunya, aya nu ngagerakeun nana, urang mah ngan saukur manusa nu teu daya teu upaya.
Hirup geus satekah polah rek di ajar tutulung kanu butuh tatalang kanu susah. mh... dalah dunya, manusa ngan boga niat wungkul. sakumaha anu baris dijadikeun hiji tujuan sok prirajeunan pinanggih jeung kasusah. kitu oge dinu mingpin usaha, ari dunungan mah boga maksud teh hade cuk rarasaan mah, tapi dalah manusa teu bisa cicing dina hiji martabat, sok lenyepan....
samenit ganti sajam robah, janji ayeuna sok tara kapake isuk... naha kabeh kitu manusa teh. kuring asa teu beak pikir ku masalah eta, naha aya hiji kolot nu baris ngancurkeun kahirupan budakna, atuh cenah aya, nya urang tilei kolot naon nu kitu ngarana.
kasimpulan dinu ieu catur, poma da hirup urang teh teu sorangan, kusabab kitu coba biasakeun daek ningali ka handap ulah kaluhur wae.

Tidak ada komentar: